Monday, July 25, 2011

Carios Sabudeureun Upacara Adat (A La Kusuma)

Dina acara Pengukuhan Pengurus Kusuma dina ping 17 Juli 2011 kapengker dipintonkeun upacara adat Sunda. Teu patos lengkep, namung lumayan we upami ngemut kana kondisi di pangumbaraan mah.


Ieu mah carios sarengsena acara Pengukuhan Pengurus KUSUMA. Minangka apresiasi (naon atuh basa sundana apresiasi??) kana suksesna upacara adat, pangurus teh gaduh niat hoyong ngajak sadaya partisipan upacara adat jalan-jalan. Teu tebih amengan mah mun ka Trans Studio Mall, tapi nu penting mah guyubna sanes?

Wengi eta (18 Juli 2011) personil upacara adat (Agus, Jaya, Alfa, Salim, Gina, Intan, Fia, Suci, Lia) katambih ku kang Delive (pelatih), Kang Yadi (pengurus Kusuma nu kapeto janten lengser), Kang Anto, Kang Ridhwan, Kang Yus (ketua seksi Kesenian & Olahraga Kusuma), Bu Neneng (Sekretaris Kusuma) sareng Teh Yusti (ketua seksi Peranan Wanita Kusuma) sadaya ngempel di ABE Cafe.
Agenda utama: BOTRAM tangtos we  :)


Sarengsena ngariung, botram, heureuy saneskanten.... pangurus Kusuma anu diwakilan ku Kang Heddi Sukarsa ngahaturkeun nuhun sareng ngadugikeun penghargaan kanggo sadaya personil upacara adat. Peryogi kauninga baraya, mayoritas personil teh urang Makassar anu teu kantos kenal kana budaya Sunda. Boro-boro kenal ka uwa lengser sareng sajabana. Anu langkung hebat deui mah, sadaya personil teu gaduh dasar tari adat. Tapi sukses! Sok tah piraku teu hebat generasi muda Kusuma teh ^_^



Sakali deui, hatur nuhun akang - eteh - adi-adi sadaya anu tos ngarojong suksesna acara Pengukuhan Pengurus Kusuma periode 2011 - 2013. Diantos saran sareng kritikanna kangge acara salajengna. Cag heula baraya.....carios sanesna behind the scene acara pengukuhan teh seueur keneh. Mangga diantos wae.....

1 comment: