Kamari, Minggu - 24 Juli 2011, baraya Kusuma ngariung di Taman Toraja - Maninjau 32. Agenda Kusuma mah biasa we.... BOTRAM :)
Kaleresan aya nu kenging kintunan oncom ti Bandung. Jelas, menu-na Tutug Oncom - Karedok Leunca - asin dan rerencangannyah... Aya ranginang, seblak, combro (comro??), teu asa ngumbara.
Nu sumping lumayan seueur, dugi ka sereg di lebet bumi, hareudang.. tapi da angger we teu matak janten alesan teu heureuy. Urang Sunda tea, teu iraha, teu dimana, heureuy wae.....
Riungan kamari teu mung saukur botram bari hareureuy, tapi sakantenan nangtoskeun kapanitiaan kanggo acara Ramadhan sareng Halal Bihalal taun ieu. Nu kapeto pancen ngaluluguan ieu acara teh Kang YUS RUSYANA. Mugia tiasa lancar, laksana sapaneja sadayana. Amin.
Insya Allah, riungan Kusuma salajengna di bumi kang HEDDI SUKARSA - Botolempangan 15 dinten Minggu ping 31 Juli tabuh 12. Tangtos we aya botram deui :)
Diantos nya baraya......
kenca-katuhu:
Satria - Ny. Heddi - Bu Neneng - Teh Susi - Teh Wiwin - Teh Nopi - Kang Ewink - Kang Heddi - Kang Yus
tatih di pengker:
Kang Iwan - Kang Budi
kenca - katuhu:
Kang Iwan - Mas (naon tah hilap deui namina :p) - kang Yus (calik dina motor) - Kang Ridhwan - Kang Ewink - Kang Irvan
kenca - katuhu:
kang Ridhwan - kang Iwan - Kang Ewink (deui wae) - Kang Yadi - Kang didan (tatih) - Kang Irvan
Nu kalangkung teu kapoto hapuntenna. Numawi upami nuju aya acara kempelan teh caketan admin geura, supados kapoto. Cag heula ah baraya... Sanes waktos dilajeng deui.
No comments:
Post a Comment